Sakiduleun
kota Sukabumi aya hiji tempat anu rada kajojo ku jalma – jalma anu resep
pelesiran. Eta tempat teh ngarana nyaeta SURADE.
Reana
jalma nu datang ka eta tempat ku sabab genah tur seger hawana, katambah aya
hiji tempat pikeun pelesiran nyaeta Ujung Genteng.
Kumaha
asal muasal ngaran eta tempat teh.
Kieu
geura : ceuk sakaol carita baheula aya hiji sepuh anu luhung ku elmu, jembar ku
pangabisa, sugih ku pangarti, saciduh metuh saucap nyata. Eta sepuh teh wastana
EYANG MAS ARYA SANTRI DALEM anu katelah namah EYANG CIGANGSA.
Eyang Cigangsa kagungan saderek
istri anu wastana NYI MAS SURADEWI. Anjeuna kacida nyaah tur deudeuhna sabab kana
sagal piwuruk teu wurung diturut, hirup teu lepas tina aturan, itungan jeung
ugeran.
Ari pangawakan Nyi Mas Suradewi,
geulis kawanti – wanti, endah kabina – bina, estu geulis bawa ti ajali endah
bawa ti kudratna.
Keuna kana babasaan :
Rambut galing muntang
Taar
teja mantrangan
Halis
ngajeler paeh
Soca
cureuleuk seukeut
Pangambung
kuwung – kuwungan
Damis
kadu sapasi
Waos gula gumantung
Taktak taraju emas
Panangan beuntik ngagondewa
Ramo racut mucuk eurih
Angkeng lengkeh lir papanting
Bitis jaksi sajantung
Pakulitan hejo carulang
Mun seung leumpang lir macan
teunangan.
‘Kitu kaayaan Nyi Mas Suradewi.
Sok sanajan can rimbitan, Nyi
Mas Suradewi geus bubuara di hiji tempat anu teu pati jauh ti lembur cigangsa.
Kabungkus ku pasipatanan, di eta lembur anjeuna di angkat jadi pamingpin. Dina
ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara estuning pikayungyunen teu cueut kanu hideung
teu ponteng kanu koneng estuning adil, jujur tur bijaksana. Atuh kaayan eta
lembur jadi subur makmur gemah ripah repeh rapih.
Dina keur meujeuhna hejo lembok
raweuy beuweungeun reumbay alaeun, sepi paling towong rampog taya begal
ngalalana, Nyi Mas Suradewi ngumpulkeun para abdi katut rahayatna. Anu maksud
jeung tujuanana anjeuna seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara heula. Sabab
anjeuna bade nyumponan pangangkir nu jadi dulurna nyaeta Eyang Santri Dalen di
cigangsa.
Saur Nyi Mas Suradewi :
“Para abdi katut rahayat sakabeh
ngahaja ku kaula dikumpulkeun anu maksud jeung tujuanana, kaula seja nitipkeun
kakawasaan keur sawatara heula, sabab kaula bade nyumponan pangangkir nu jadi
saderek nya eta Eyang Santri Dalem di cigangsa. Kade salila ditinggalkeun sing
carincing pageuh kancing, sing saringset pageuh iket, bisi aya hiji hal nu teu
di piharep.”
Harita keneh anjeuna miang
ninggalkeun ta lembur.
Takdir teu beunang di pungkir.
Kadar teu beunang di singlar, di satengahing perjalanan waktu keur meuntas di
walungan Cigangsa anjeuna palid kabawa caah nepi kahanteuna jasadna dipulasara
di eta lembur anu teu pati jauh ti cigangsa.
Waktu ker ngadenge yen anu jadi
pamingpina geu taya dikieuna, sakabeh rahayatna ngumpul bari sedih kingkin
sarta leuleus tur lungse, lir kapuk ka ibunan lir kapas kahujanan.
Dina keur kaayaan kitu, datang
Eyang Cigangsa ka eta lembur anjeuna biantara.
Saur Eyang Cigangsa :
“Para abdi katu rahayat pangeusi
ieu lembur, ngahaja ku Eyang dikumpulkeun, anu lain waktu anu maksud jeung
tujuanana, pamingpin aranjeun geus taya dikieuna, urang ngaranan we ieu tempat
teh SURADE. Nyaeta itung – itung pangeling – ngeling ngalap ngaran hiji pamingpin
anu adil, jujur tur wijaksana.
Para abdi katut rahayat pangeusi
eta lembur nyatujuan kana kaputusan eyang Cigangsa.
Tah ti harita ngaran eta tempat
teh katelahna SURADE, nyaeta keur pangeling – ngeling ka hiji pamingpin anu
adil, jujur tur wijaksana.
sumber : Dinas PdanK Surade –
Kabupaten Sukabum
SASAKALA
KOTA SURADE (versi Bahasa Sunda)
Sakiduleun
kota Sukabumi aya hiji tempat anu rada kajojo ku jalma – jalma anu resep
pelesiran. Eta tempat teh ngarana nyaeta SURADE.
Reana
jalma nu datang ka eta tempat ku sabab genah tur seger hawana, katambah aya
hiji tempat pikeun pelesiran nyaeta Ujung Genteng.
Kumaha
asal muasal ngaran eta tempat teh.
Kieu
geura : ceuk sakaol carita baheula aya hiji sepuh anu luhung ku elmu, jembar ku
pangabisa, sugih ku pangarti, saciduh metuh saucap nyata. Eta sepuh teh wastana
EYANG MAS ARYA SANTRI DALEM anu katelah namah EYANG CIGANGSA.
Eyang Cigangsa kagungan saderek
istri anu wastana NYI MAS SURADEWI. Anjeuna kacida nyaah tur deudeuhna sabab
kana sagal piwuruk teu wurung diturut, hirup teu lepas tina aturan, itungan
jeung ugeran.
Ari pangawakan Nyi Mas Suradewi,
geulis kawanti – wanti, endah kabina – bina, estu geulis bawa ti ajali endah
bawa ti kudratna.
Keuna kana babasaan :
Rambut galing muntang
Taar
teja mantrangan
Halis
ngajeler paeh
Soca
cureuleuk seukeut
Pangambung
kuwung – kuwungan
Damis
kadu sapasi
Waos gula gumantung
Taktak taraju emas
Panangan beuntik ngagondewa
Ramo racut mucuk eurih
Angkeng lengkeh lir papanting
Bitis jaksi sajantung
Pakulitan hejo carulang
Mun seung leumpang lir macan
teunangan.
‘Kitu kaayaan Nyi Mas Suradewi.
Sok sanajan can rimbitan, Nyi
Mas Suradewi geus bubuara di hiji tempat anu teu pati jauh ti lembur cigangsa.
Kabungkus ku pasipatanan, di eta lembur anjeuna di angkat jadi pamingpin. Dina
ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara estuning pikayungyunen teu cueut kanu hideung
teu ponteng kanu koneng estuning adil, jujur tur bijaksana. Atuh kaayan eta
lembur jadi subur makmur gemah ripah repeh rapih.
Dina keur meujeuhna hejo lembok
raweuy beuweungeun reumbay alaeun, sepi paling towong rampog taya begal
ngalalana, Nyi Mas Suradewi ngumpulkeun para abdi katut rahayatna. Anu maksud
jeung tujuanana anjeuna seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara heula. Sabab
anjeuna bade nyumponan pangangkir nu jadi dulurna nyaeta Eyang Santri Dalen di
cigangsa.
Saur Nyi Mas Suradewi :
“Para abdi katut rahayat sakabeh
ngahaja ku kaula dikumpulkeun anu maksud jeung tujuanana, kaula seja nitipkeun
kakawasaan keur sawatara heula, sabab kaula bade nyumponan pangangkir nu jadi
saderek nya eta Eyang Santri Dalem di cigangsa. Kade salila ditinggalkeun sing
carincing pageuh kancing, sing saringset pageuh iket, bisi aya hiji hal nu teu
di piharep.”
Harita keneh anjeuna miang
ninggalkeun ta lembur.
Takdir teu beunang di pungkir. Kadar
teu beunang di singlar, di satengahing perjalanan waktu keur meuntas di
walungan Cigangsa anjeuna palid kabawa caah nepi kahanteuna jasadna dipulasara
di eta lembur anu teu pati jauh ti cigangsa.
Waktu ker ngadenge yen anu jadi
pamingpina geu taya dikieuna, sakabeh rahayatna ngumpul bari sedih kingkin
sarta leuleus tur lungse, lir kapuk ka ibunan lir kapas kahujanan.
Dina keur kaayaan kitu, datang
Eyang Cigangsa ka eta lembur anjeuna biantara.
Saur Eyang Cigangsa :
“Para abdi katu rahayat pangeusi
ieu lembur, ngahaja ku Eyang dikumpulkeun, anu lain waktu anu maksud jeung
tujuanana, pamingpin aranjeun geus taya dikieuna, urang ngaranan we ieu tempat
teh SURADE. Nyaeta itung – itung pangeling – ngeling ngalap ngaran hiji
pamingpin anu adil, jujur tur wijaksana.
Para abdi katut rahayat pangeusi
eta lembur nyatujuan kana kaputusan eyang Cigangsa.
Tah ti harita ngaran eta tempat
teh katelahna SURADE, nyaeta keur pangeling – ngeling ka hiji pamingpin anu
adil, jujur tur wijaksana.
sumber : Dinas Pendidikan dan
Kebudayaan Kecamatan Surade – Kabupaten Sukabumi


